James Clerk Maxwell

James Clerk Maxwell (13 Juni 1831 – 5 November 1879) nyaéta fisikawan Skotlandia anu mimiti nulis hukum magnetisme jeung kalistrikan dina rumus matematis.[1] Dina taun 1864, anjeunna ngabuktikeun yén gelombang elektromagnetik téh nyaéta gabungan tina osilasi medan listrik jeung magnetik.[1] Maxwell nyindekkeun yén cahaya téh salah sahiji bentuk radiasi elektromagnetik.[1] Anjeunna ogé nyieun pamahaman ngeunaan gerak gas, ku cara nunjukkeun yén laju molekul-molekul di jero gas gumantung kana suhuna séwang-séwangan.[1]
James Clerk Maxwell katélah ku formulasi opat pernyataan anu ngajelaskeun hukum dasar listrik jeung magnét.[1] Kadua widang ieu saacan Maxwell atos ditalungtik lila pisan jeung tos dipikanyaho aya patali antawis duaannana.[1] Mung, din rupa-rupa hukum listrik jeung kamagnétan geus kapanggih jeung ngandung kabeneran tina sababaraha segi, saacan Maxwell, euweuh hiji-hiji acan tina hukum-hukum éta anu mangrupa hiji téori terpadu.[1] Anjeunna boga opat pakakas hukum anu dirumuskeun sacara ringkes (tapi miboga bobot anu gedé), Maxwell ahirna bisa ngajelaskeun sacara tepat paripolah jeung saling hubungan atawis medan listrik jeung magnét.[1]
Panalungtikan James Clerk Maxwell
[édit | édit sumber]James Clerk Maxwell nyaéta élmuwan di widang fisika asal Inggris anu nyumbangkeun hukum kalistrikan, magnet,[2] jeung hukum optik.[3]
Panemuan radio
[édit | édit sumber]Radio aya lantaran Maxwell ngenalkeun hiji konsép anu disebutna "arus pamindahan" (displacement current) dina sakumpulan persamaan diférensial parsial anu kiwari dipikawanoh salaku persamaan Maxwell. Intina mah, Maxwell ngusulkeun yén ayana arus pamindahan téh lantaran persamaan-persamaanna katémbong leuwih éndah lamun éta konsép diasupkeun.[4]
Gelombang éléktromagnétik
[édit | édit sumber]Ngaliwatan persamaan-persamaan anu dirumuskeunana, Maxwell bisa ngabuktikeun yén laju gelombang éléktromagnétikna téh nyaéta 300.000 kilométer per detik. Maxwell sadar yén laju ieu sarua jeung laju cahaya anu geus diukur; ku kituna, cahaya téh sabenerna mangrupa gelombang éléktromagnétik.[3]
Listrik
[édit | édit sumber]Listrik jeung magnet saacanna atos jadi perhatian élmuwan, mung acan dihijikeun dina hiji téori anu padu jeung anu struktur.[2] Maxwell ngajabarkeun sacara bener karakteristik jeung hubungan antara medan listrik jeung magnit.[2] Anjeunna ngubah sajumlah fénoména jadi hiji téori tunggal anu bisa dijadikeun rujukan.[2] Téori Maxwell tuluy jadi cecekelan sacara luas boh di sektor téori boh dina prakték élmu pangaweruh.[2]
Radiasi éléktromagnétik
[édit | édit sumber]Cahaya anu katingali sanés hiji-hijina jinis radiasi éléktromagnétik. Persamaan Maxwell nunjukkeun kamungkinan ayana gelombang éléktromagnétik anu béda ti cahaya anu katingali dina hal panjang gelombang sareng frékuénsi. Kacindekan ieu pamustunganana dikonfirmasi ku Heinrich Hertz, anu suksés ngadeteksi sareng ngahasilkeun gelombang anu teu katingali. Sababaraha taun ti harita, Guglielmo Marconi nunjukkeun yén gelombang anu teu katingali ieu tiasa dianggo pikeun komunikasi nirkabel sareng radio. Ayeuna, gelombang ieu ogé diterapkeun dina téknologi televisi. Sinar X, sinar gamma, sinar infra merah, sareng sinar ultraviolét mangrupikeun conto sanés tina radiasi éléktromagnétik; sadayana tiasa di diajar hatur nuhun kana persamaan Maxwell.[5]
Kinétik gas
[édit | édit sumber]Salah sahiji widang nu jadi minat husus Maxwell nyaéta téori kinétik gas. Maxwell sadar yén henteu sakabéh molekul gas boga laju gerak anu sarua; aya nu gerakna laun, aya nu leuwih gancang, sarta aya ogé nu gerakna kacida gancangna. Anjeunna ngarumuskeun hiji persamaan pikeun nangtukeun proporsi molekul gas anu gerak dina laju tinangtu dina suhu nu tangtu. Persamaan ieu katelah "Distribusi Maxwell" sarta loba dilarapkeun dina rupa-rupa widang fisika.[6]
Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 4 5 6 7 8 "James Clerk Maxwell". Encyclopædia Britannica. Diaksés tanggal 12 November 2011.
Scottish physicist best known for his formulation of electromagnetic theory
- 1 2 3 4 5 Archived 2012-01-01 di Wayback Machine
- 1 2 Hart, Michael H (2009). 100 Orang Paling Berpengaruh Di Dunia Sepanjang Sejarah. Jakarta: Penerbit Hikmah (PT Mizan Publika). hlm. 128. ISBN 9789791964586.
- ↑ Rahman, Fatkhur (2025). The Dragons of Eden, Spekulasi Tentang Evolusi Kecerdasan Manusia. Jakarta: Kepustakaan Populer Gramedia. hlm. 218. ISBN 9786231344571.
- ↑ Hart, Michael H (2009). 100 Orang Paling Berpengaruh Di Dunia Sepanjang Sejarah. Jakarta: Penerbit Hikmah (PT MIzan Publika). hlm. 128–129. ISBN 9789791964586.
- ↑ Hart, Michael H (2009). 100 Orang Paling Berpengaruh Di Dunia Sepanjang Sejarah. Jakarta: Penerbit Hikmah (PT Mizan Publika). hlm. 129–130. ISBN 9789791964586.