Bangladés
| গণপ্রজাতন্ত্রী বাংলাদেশ Gônoprojatontri Bangladesh Républik Rahayat Bangladés |
||||||
|---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
| Lagu Amar Shonar Bangla Bangla Emas Kuring |
||||||
| Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Dhaka | |||||
| Basa resmi | Benggala | |||||
| Grup étnis (1998[1]) | 97,2% Benggala 2,8% nu lian |
|||||
| Pamaréntah | Démokrasi parleméntér kahijian[2] | |||||
| - | Présidén | Abdul Hamid | ||||
| - | Perdana Mentri | Sheikh Hasina | ||||
| Kamerdikaan | Ti Pakistan | |||||
| - | Déklarasi | 26 Maret 1971 | ||||
| Aréa | ||||||
| - | Total | 147.570 km² (ka-94) 56.977 mil² |
||||
| - | Cai (%) | ? | ||||
| Populasi | ||||||
| - | Perkiraan 2012 | 161.083.804[1] (ka-8) | ||||
| - | Kapadetan | 1.033,5 /km² (ka-9) 2.676,8 /mil² |
||||
| GDP (PPP) | Perkiraan 2011 | |||||
| - | Total | $282,229 milyar[3] (44) | ||||
| - | Per kapita | $1.790,26[3] (193) | ||||
| GDP (nominal) | Perkiraan 2011 | |||||
| - | Total | $113,032 milyar[3] | ||||
| - | Per kapita | $700,59[3] | ||||
| Gini? (2005) | 33,2[4] (medium) | |||||
| HDI (2011) | ||||||
| Mata uang | Taka (BDT) |
|||||
| Zona wanci | BST (UTC+6) | |||||
| TLD Internét | .bd | |||||
| Kode telepon | +880 | |||||
Bangladés (Basa Benggala: Lua error in Modul:Unicode_data at line 475: attempt to index field 'scripts' (a boolean value).), resmina Républik Rahayat Bangladés (Basa Benggala: Lua error in Modul:Unicode_data at line 475: attempt to index field 'scripts' (a boolean value). Gônoprojatontri Bangladesh), nyaéta hiji nagara di Asia Kidul. Aya di Délta Gangga-Brahmaputra nu subur, Bangladés minangka bagian tina wewengkon étnis jeung basa Benggala. Ngaran Bangladesh hartina "Nagara Benggala" di Basa Benggala nu resmi. Bangladés wawatesan jeung Teluk Benggala di kidul, India di kalér, kulon, jeung wétan, sarta Myanmar di tenggara. Bangladés kapisah ti Nepal jeung Bhutan ku Sela Siliguri.
Wates Bangladés ayeuna disusun tina pamisahan Benggala Britania dina 1947, nalika wewengkonna mangrupa Pakistan Wétan, bagian ti Pakistan nu karak ngadeg. Pakistan Wétan kapisah ti Pakistan Kulon ku kirang langkungna 1.500 km wewengkon India. Ku sabab alesan pulitik, étnis, basa, jeung ékonomi ku wewengkon kulon, pamikiran umum tumuwuh nu teras janten pergerakan nasionalis kultural jeung sékulér, nu ngarah kana déklarasi kamerdikaan sarta Perang Kamerdikaan Bangladés dina 1971. Sanggeus perang jeung kamerdikaan, nagara Bangladés nu anyar éta ngalaman raloba masalah kamiskinan, kalaparan, karusuhan pulitik, jeung kudéta-kudéta militér. Pamulihan démokrasi taun 1991 ngahasilkeun kaayaan nu rélatif tengtrem sarta kamajuan ékonomi.
Bangladés mangrupa nagara républik parleméntér kahijian sékulér, kalawan hiji parlemén nu ngaranna Jatiyo Sangshad. Bangladés mangrupa nagara nu panglobana populasina ka-8 sadunya sarta mangrupa salah sahiji ti nagara nu pangpadetna sadunya.
Numutkeun géografina, Bangladés aya di wewengkon Délta Gangga-Brahmaputra jeung mangrupa wewengkon banjir jeung siklon taunan. Nagara ieu ngalaman sababaraha masalah saperti kamiskinan, korupsi, kaleuwihan populasi, sarta sababaraha masalah tina parobahan iklim. Sanajan kitu, Bangladés miboga kamajuan dina ajén Angka Pertumbuhan Manusa.[6] Bangladés enggeus ningkatkeun angka harepan hirupna 23 taun, miboga kasaruaan jenis kelamin dina pangatikan, pangurangan pertumbuhan populasi, sarta paningkatan dina kaséhatan ibu jeung anak.[7][8]
Babagian
[édit | édit sumber]Bangladés dibagi kana 7 divisi administratif,[1][9] nu mana ngaranna dumasar kana ibu kotana: Barisal, Chittagong, Dhaka, Khulna, Rajshahi, Sylhet, jeung Rangpur.
Divisi dibagi deui kana distrik (zila). Aya 66 distrik di Bangladés, unggalna dibagi deui kana upazila (sub-distrik) atanapi thana. Wewengkon kantor pulisi, kajaba nu di aréa metropolitan, dibagi kana sababaraha union, nu mana unggal union ngawengku sababaraha désa. Di wewengkon metropolitan, wewengkon kantor pulisi dibagi kana distrik kota, nu teras dibagi deui kana mahallas. euweuh pamilihan pajabat dina tingkat divisi jeung distrik. Pamilihan langsung aya dina tingkat union jeung distrik kota. Taun 1997, hiji undang-undang disahkeun pikeun nangtukeun 3 korsi (ti 12 korsi) dina unggal union pikeun kandidat wanoja.[10]
Dhaka nyaéta ibu kota sarta kota panggedéna di Bangladés. Kota kalawan pamaréntahan daérah nyaéta: Dhaka Kidul, Dhaka Kalér, Chittagong, Khulna, Rajshahi, Sylhet, Barisal, Rangpur, Comilla, jeung Gazipur. Kota-kota ieu miboga pamilihan umum walikota. Kota-kota utama lianna saperti Mymensingh, Gopalganj, Jessore, Bogra, Dinajpur, Saidapur, Narayanganj, jeung Rangamati. Kota-kota ieu jeung kotamadya lianna miboga pamilihan umum diréktur. Walikota jeung diréktur dipilih pikeun masa jabatan 5 taun.
| Divisi | Bangla | Populasi (2011)[11] | Aréa (km2)[11] | Kapadetan populasi (2011; jiwa/km2)[11] |
|---|---|---|---|---|
| Divisi Barisal | বরিশাল | 8.147.000 | 13.297 | 613 |
| Divisi Chittagong | চট্টগ্রাম | 28.079.000 | 33.771 | 831 |
| Divisi Dhaka | ঢাকা | 46.729.000 | 31.120 | 1.502 |
| Divisi Khulna | খুলনা | 15.563.000 | 22.272 | 699 |
| Divisi Rajshahi | রাজশাহী | 18.329.000 | 18.197 | 1.007 |
| Divisi Rangpur | রংপুর | 15.665.000 | 16.317 | 960 |
| Divisi Sylhet | সিলেট | 9.807.000 | 12.596 | 779 |
| Bangladés | 142.319.000 | 147.570 | 964 |
Tingali ogé
[édit | édit sumber]Rujukan
[édit | édit sumber]- 1 2 3 Central Intelligence Agency (2012). "Bangladesh". The World Factbook. Langley, Virginia: Central Intelligence Agency. Diarsipkeun ti asli tanggal 2021-01-01. Diaksés tanggal 2007-08-04.
- ↑ Undang-Undang Dasar Bangladés Archived 2012-03-06 di Wayback Machine, Part V, Chapter 1, Article 66; University of Minnesota. 28 Agustus 2010
- 1 2 3 4 "Bangladesh". International Monetary Fund. Diarsipkeun ti asli tanggal 24 December 2012. Diaksés tanggal 17 April 2012.
- ↑ "Distribution of family income – Gini index". The World Factbook. CIA. Diarsipkeun ti asli tanggal 2 October 2009. Diaksés tanggal 1 September 2009.
- ↑ "Human Development Report 2010. Human development index trends: Table G" (PDF). The United Nations. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 5 December 2010. Diaksés tanggal 14 July 2011.Archived 8 Nopémber 2010 di Wayback Machine
- ↑ United Nations Development Programme in Bangladesh: HDR 2010 recognises Bangladesh's great progress over time Archived 2013-01-15 di Wayback Machine. 5 Nopémber 2010. Diaksés: 25 Oktober 2012.
- ↑ "Meeting Millennium Development Goals". BBC News. Diarsipkeun ti asli tanggal 2014-10-06. Diaksés tanggal 2012-10-25.
- ↑ "Ban lauds Bangladesh's progress on women's and children's health". UN News Center. United Nations. 15 November 2011. Diarsipkeun ti asli tanggal 2014-10-20. Diaksés tanggal 2012-10-25.
- ↑ "Rangpur becomes a division". bdnews24.com. 25 January 2010. Diarsipkeun ti asli tanggal 16 May 2011. Diaksés tanggal 6 August 2011.
- ↑ Local Government Act, No. 20, 1997
- 1 2 3 "2011 Population & Housing Census: Preliminary Results" (PDF). Bangladesh Bureau of Statistics. Diarsipkeun ti asli (PDF) tanggal 15 January 2013. Diaksés tanggal 12 January 2012.
Pustaka
[édit | édit sumber]- Baxter, C (1997). Bangladesh, from a Nation to a State. Westview Press. ISBN 0-8133-3632-5. OCLC 47885632.
Tumbu kaluar
[édit | édit sumber]- Portal Wéb Nasional Bangladés
- Éntri Bangladesh di CIA World Factbook
- Bangladés di Open Directory Project
Atlas Bangladés Bangladesh Wikimedia, ngandung peta ngeunaan Bangladés Bangladesh.
Tempo ogé Bangladés di Wikivoyage
- Webarchive template wayback links
- Halaman dengan galat skrip
- Bangladés
- Benggala
- Wewengkon nu kabagi
- Urut jajahan Britania
- Nagara nu kirang kawangun
- Anggota Pasamakmuran Bangsa-Bangsa
- Anggota OSI
- Anggota Asosiasi Asia Kidul pikeun Sabilulungan Wewengkon
- Anggota Pasarikatan Bangsa-Bangsa
- Républik
- Nagara sosialis
- Nagara di Asia Kidul
- Wewengkon nu ngadeg taun 1971
- Républik pasamakmuran

