Lompat ke isi

Pajak pertambahan nilai

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Pajak pertambahan nilai nyaéta pajak dumasar kana pamakean barang jeung jasa dina wilayah Daerah Pabean anu ditumpukeun sababaraha kali dina unggal saluran produksi jeung distribusi[1] anu diatur dina Undang- Undang Nomor 8 Taun 1983 ngeunaan Pajak Pertambahan Nilai Barang dan Jasa.[2] PPN mangrupa pajak teu lansung ku sabab pamayaran atawa pangumpulan pajak teu disetorkeun ku konsumen, namung ku pihak séjén anu kaasup wajib pajak,[3] contonya nyaéta pangusaha kena pajak (PKP).[1]

Kawijakan

[édit | édit sumber]

Dina waktos ayeuna, tarif PPN 11 persen ngarujuk kana kawijakan anu geus tangtos dina April 2022. Mimiti ti taun 2025, tarif PPN naek 12 persen, namung ngan lumaku pikeun barang méwah.[4]

Pajak pertambahan nilai diatur dumasar kana kawijakan menteri jeung Undang-Undang anu tos sababaraha kali dirobah pikeun nyiptakeun sistem anu leuwih gampil jeung adil pikeun masarakat.[4] Parobahan undang-unang dilaksanakeun salaku adaptasi kana kaayaan ékonomi sareng kabutuhan fiskal negara.[1]

Aturan pajak aya dina Undang-Undang No. 42 Tahun 2009 ngeunaan Pajak Pertambahan Nilai Barang dan Jasa jeung Pajak Penjualan atas Barang Mewah[1], Undang-Undang No. 11 Tahun 2020, Undang-Undang No.7 Tahun 2021. Kawijakan menteri anu ngatur PPN aya dina PMK 131/2024.[4]

Dina kaping 29 Oktober 2022, pamaréntah geus nagntukeun undang-undang anyar ngeunaan pajak nyaéta Undang-Undang No.7 Tahun 2022 ngeunaan Harmonisasi Peraturan Perpajakan. Dina aturan éta, PPN anu asalna 10 %, dirobah janten 11 % ti mimiti kaping 1 April 2022, teras naék deui janten 15% per 1 Januari 2025.[3]

Pajak pertambahan nilai (PPN) miboga pungsi pikeun pungsi fiskal, regulasi, jeung stabilitas.[1]

Pungsi fiskal

[édit | édit sumber]

PPN miboga peran salaku sumber pendapatan nagara anu danana dimangpaatkeun pikeun infrastruktur, atikan, kaséhatan, jeung palayanan publik anu séjén.[1][4]

Pungsi regulasi

[édit | édit sumber]

Pungsi PPN nyaéta pikeun kawijakan ékonomi jeung sosial, contona ngurangan impor sangkan produk lokal leuwih kompetitif dina pasar domestik.[4]

Pungsi stabilitas ékonomi

[édit | édit sumber]

PPN miboga pungsi pikeun ngajaga inflasi sarta harga supados ajeg[1], jeung ngajaga panarimaan ekonomi janten saimbang.[4]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

https://www.pajak.go.id/id/pemungutan-pajak-pertambahan-nilai

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. 1 2 3 4 5 6 7 "Apa Itu PPN? Fungsi, Objek, Cara Menghitung, dan Tarif Terbaru". Diaksés tanggal 5 April 2026.
  2. ↑ "Definisi Pajak Pertambahan Nilai, | JDIH Kementerian Keuangan". Kementerian Keuangan Republik Indonesia (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-04-05.
  3. 1 2 Andika, Tri Novian. "UU Pajak Pertambahan Nilai". Kementerian Keuangan. Diaksés tanggal 5 April 2026.
  4. 1 2 3 4 5 6 klikpajak; Fitriya. "Pajak Pertambahan Nilai dan Regulasi Tarif PPN Terbaru 2025". Mekari Klikpajak (Dina basa Indonesia). Diaksés tanggal 2026-04-05.