Lompat ke isi

Basa Malayu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Malayu (/məˈleɪ/;[1] Lua error in Modul:Lang at line 17: attempt to index field 'lang_name_table' (a nil value).; aksara Jawi: Lua error in Modul:Lang at line 17: attempt to index field 'lang_name_table' (a nil value).) mangrupa basa utama dina kulawarga Austronésia. Ieu basa téh mangrupa basa nasional di Brunéi, Malaysia, Indonésia, jeung basa di Singapura. Panyaturna leuwih ti 270 juta urang [2] sapanjang selat Malaka, kaasup basisir tanjung Malayu di Malaysia jeung basisir wétan Sumatra di Indonésia, sarta geus dikukukeun minangka basa asli pikeun wewengkon basisir kulon Sarawak jeung Kalimantan Kulon di Kalimantan.

Basa Malayu téh mangrupa basa panganteur dina kagiatan dagang jeung kaagamaan di Kapuloan Nusantara. Migrasi saterusna ogé milu ngalegaan pamakéanana. Salian ti nagara éta, basa Malayu ogé dituturkeun di sabagian leutik Pilipina (Kapuloan Sulu jeung Mindanao salaku basa Malayu Sabah), Sri Lanka, jeung Thailand Kidul. Ieu basa ogé dipaké ku pangeusi Pulo Natal jeung Kapuloan Cocos nu jadi bagian Australia.

Basa Malayu Klasik, hususna basa istana (atawa dipikawanoh salaku Court Malay dina basa Inggris) nyaéta basa baku sastra nu rundayanana asalna ti Kasultanan Malaka jeung Johor-Riau (ayeuna Johor (Malaysia) jeung Kapuloan Riau (Indonésia)). Ku sabab éta, ieu basa ogé dipikawanoh salaku basa Melayu Malaka, Johor, atawa Riau (atawa rupa-rupa gabungan ngaran dumasar kana ieu tilu tempat) pikeun ngabédakeunana ti anggota rungkun basa Melayik nu séjén. Nurutkeun Ethnologue 16, sababaraha ragam Melayik dicantumkeun salaku basa nu misah, kaasup ragam basa Malayu Semenanjung nu dipaké ku urang Asli, nu raket patalina jeung basa Malayu Baku nu meureun dianggap minangka dialék-dialékna. Aya ogé basa dagang jeung kréol Malayu nu didasarkeun kana basa panganteur nu asal-usulna ti basa Malayu Klasik.

Basa Malayu boga loba dialék jeung unggal dialék boga bédana nu katara tina segi pangucapan jeung kekecapan. u. Malayu Riau maké dialék "e", sedengkeun basa Malayu Palémbang, Padang, Jambi, jeung Bengkulu maké dialék "o". Salian ti éta, basa nu dipaké ku masarakat peranakan atawa Tionghoa Selat (campuran pandatang Tionghoa jeung pangeusi asli) mangrupa campuran antara Basa Malayu jeung dialék Hokkien. Ieu basa baheulana loba dipaké di nagri-nagri selat kawas Sumatera Kalér (pangpangna di Medan), Riau, Pulo Pinang, jeung Malaka. Sanajan kitu, kiwari kaom peranakan di Malaysia jeung Singapura leuwih resep maké basa Hokkien atawa Inggris.


Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. ↑ Laurie Bauer, 2007, The Linguistics Student’s Handbook, Edinburgh
  2. ↑ 10 million in Malaysia, 5 million in Indonésia as "Malay" plus 230 million as "Indonesian", etc.